Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2024

Nyampeur Poe Akhir

Gambar
Sang hyang tunggal anu awal Jeung ngawalan Luluhur anu mere patuduh kana jalur anu luhur Ngangkang kana alam sajagat jeung eusi nu teu sakira Mere papatah anu kudu ditalaah jeung dilakonan kusalira. Ningang kana hiji wanci alam dunya geus deukeut kana poe akhir Alam sajagat mulai turun kahilir milih manusia anu bisa mikir Anu deukeut Dina jalur anu ditunjuk ku luluhur Anu tepi kana isi papatah Sang Hyang Tunggal anu leuwih Luhur Dikidul geus teu ngajudul Dikaler geus teu bisa nyampeur Dikulon geus eweuh lalakon Diwetan geus silih kadekan Kamana manusia rek mituju? Kamana manusia rek Nyalindung? Jawaban aya dina qolbu anu bersih jeung ka asah Anu pinuh welas asih jeung pikanyaah Sang Hyang Tunggal henteu rek miceun  Sang Hyang Tunggal tangtu nyalametkeun Nyalametkeun kucara Jeung cocobana Nyalametkeun ka manusia anu satia turut dina jalanNa Gung adigung gera lebur di Gunung Weung malaweung gera kapiceun dileuweung Ngamparkeun jagat kasadaran tur keberkahan saluas lautan ...