Nyampeur Poe Akhir

Sang hyang tunggal anu awal Jeung ngawalan
Luluhur anu mere patuduh kana jalur anu luhur
Ngangkang kana alam sajagat jeung eusi nu teu sakira
Mere papatah anu kudu ditalaah jeung dilakonan kusalira.

Ningang kana hiji wanci alam dunya geus deukeut kana poe akhir
Alam sajagat mulai turun kahilir milih manusia anu bisa mikir
Anu deukeut Dina jalur anu ditunjuk ku luluhur
Anu tepi kana isi papatah Sang Hyang Tunggal anu leuwih Luhur


Dikidul geus teu ngajudul
Dikaler geus teu bisa nyampeur
Dikulon geus eweuh lalakon
Diwetan geus silih kadekan

Kamana manusia rek mituju?
Kamana manusia rek Nyalindung?
Jawaban aya dina qolbu anu bersih jeung ka asah
Anu pinuh welas asih jeung pikanyaah

Sang Hyang Tunggal henteu rek miceun 
Sang Hyang Tunggal tangtu nyalametkeun
Nyalametkeun kucara Jeung cocobana
Nyalametkeun ka manusia anu satia turut dina jalanNa

Gung adigung gera lebur di Gunung
Weung malaweung gera kapiceun dileuweung
Ngamparkeun jagat kasadaran tur keberkahan saluas lautan
Ngamantepkeun sikap manusia lalaunan.


Kosan Bandung, 08 Maret 2024
Dudan Darmawan


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Sebuah Nilai Perlu Dilindungi

ARSHAKA BUNGA

SELAMAT BERPROSES